Kamis, 21 Juni 2012

BIANTARA


Assalamu’alikum warahmatullaahi wabarakaatuh.


Alhamdulillah. Alhamdulillaahi rabbil ‘aaalamiin. Puji sinareng sukur sami-sami urang panjatkeun ka Gusti Allah Nu Maha Ghafur, anu parantos maparin ni’mat sareng hidayahNa sangkan urang tiasa kempel ngariung mungpulung di tempat ieu dina kaayaan anu sehat wal-afiat. Teu hilap solawat sarta salam, mugia kalimpahcurahkeun kanggo Jungjunan urang, Nabi ahir jaman, Nabi Muhammas SAW, ka kulawargana, para sohabatna, katut ka urang sadaya salaku umatna. Amiin.

Hadirin anu dipihormat,
Dina kasempetan anu mulya ieu, simkuring, Ressy Novita Sari, baris nyobi ngaguar tema, “Rumaja jeung tehnologi”

Hadirin anu dipihormat,
Tehnologi minangka barang anu geus teu bisa leupas tina sakur sisi kahirupan rumaja sapopoe. Conto leutikna Hp jeung komputer. Mangga geura urang titenan sigana jaman kiwari heunteu aya rumaja anu teu make atawa teu apaleun Hp. Jeung komputer, malah geus jadi pangabutuh sapopoe. Ceuk babasan tea mah teu bisa gawe nanaon mun tampa Hp atawa komputer. Ti mimiti gawe penting nepi ka gawe nu ngan ukur sakadar iseng, teu weleh ngagunakeun tehnologi nyaeta Hp atawa komputer.

Hadirin nu dipihormat,
Contona wae, nulis, diajar, neangan materi pangajaran, ngagawekeun tugas, neangan informasi penting, nepi ka ngawangkong atawa babanyolan oge teu lesot tina eta alat. Ampir dina tiap ceuli rumaja ayeuna mah dicocokan ku head seat anu kabelna ranteng kana Hp atawa mp4. Mending mun dina kayaan nyalse atawa rineh mah, tapi kadang-kadang dina kaayaan kumaha oge sok hese lesotna alatan geus katumanan antukna jadi kurang reungeu kana pangajaran atawa kanu ngajak nyarita penting. Beh dituna jadi pikakeuheuleun nu ngajak nyarita asa dimomorekeun komo mun kapanggih ku guru mah. Jeung deui bisa dianggap teu sopan. Pan baheula mah nu sok dicocokan ceulina ku alat teh aki-aki atawa nini-nini nu geus budeg.

Hadirin anu dipihormat,
Hal ieu siga teu pira tapi nimbulkeun pangaruh anu luar biasa boh hade, boh gorengna. Hadena sagala pagawean leuwih gampang jeung murah ku ngagunakeun alat tehnologi. Gorengna nyaeta lamun kahirupan nyata kamomorekeun ku kahirupan maya. Akibatna cul kana atikan atawa kaperluan nyata anu leuwih penting. Pangwangunan ahlak, karakter, sifat, tabeat atanapi kapribadian eta dimimitian ku budaya jeung bahasa, eta ayana dina kahirupan nyata lain dina kahirupan maya. Malah ceuk hiji tiori mah, kamajuan hiji bangsa bisa diukur tina budaya jeung bahasana. Mun budayana maju tegesna bangsana maju, tapi mun budayana ruksak mangka bangsana tangtu bakal rujad.

Hadirin anu dipihormat,
Conto nyata para rumaja jaman kiwari geus loba kapangaruhan ku dunya maya atawa ku budaya deungeun anu can tangtu cocok jeung kahirupan nyata di urang. Tehnologi mere jalan kalaluasaan pikeun asupna pangaruh goreng budaya deungeun. Kumargi kitu, urang minangka rumaja dina ngagunakeun tehnologi kudu didasaranan kadali iman jeung paelmuan nu cukup tur masagi, sangkan teu salah ngagunakeun.

Hadirin anu dipihormat,
Pasualan nu kedah diwaler dina tema ieu, nyaeta kumaha carana sangkan “tehnologi” anu dianggo ku urang, bisa luyu jeung kaperluanana sarta teu nimbulkeun hal-hal anu kurang hade atawa ngarugikeun utamana pangaruh negatif kana kahirupan rumaja ayeuna.

Simkuring umajak ka sadayana hususna kaun rumaja, mangga:
1.      Urang kawitan gunaken tehnologi ti kawit di kulawarga, lingkungan, oge di tempat diajar, luyu jeung kaperluanana.
2.      Urang leugitkeun rasa gumantung teuing kana eta tehnologi.
3.      Urang saimbangkeun antara ngagunakeun tehnologi jeung potensi sejenna.

Hadirin anu dipihormat,
Cindekna urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay panangan enggoning ngaraksa-ngariksa kahirupan urang, minangka rumaja jeung tehnologi anu kudu tetep renggenek dina kahirupan nyata.

Hadirin anu dipihormat,
Rupina mah mung sakitu anu tiasa kadugikeun. Hapunten bilih aya kalepatan, boh tina kekecapan, boh tina sikep simkuring. Hatur nuhun kana perhatosanana,

Wassalaamu’alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar